
Milangkala Desa Gudangkahuripan anu ka-46 (2025) Nyangking Jejer (Tema) nyaéta :
Nu ngandung harti Renungan Istimewa
Tah kaayaan nu aya dina satangkaraking bumi jeung satungkebing langit, saperti tatangkalan, jujukutan, sasatoan, seuneu, cai, taneuh jeung sajaba ti éta. Sakabéh anu dijadikeun ku nu ngatur alam, nu kasaksi ku pancadria, éta aksara anu écés, éstu kalawan nyatana, nuduh kanu beureum, konéng, bodas reujeung hideung, gedé leutik, panjang pondok reujeung sajaba ti éta, tara jeung pokna ku lisan, tapi éstu wujud pisan écés lain béja deui. Nya kitu tuduh ti Rosul éstu puguh Rasa wungkul, nu teu maké ucap deui, saperti rasa urang nu nuduhkeun amisna gula, haseumna cuka atawa panasna seuneu, éstu reujeung ka-rasana.
Ulah leuwih teuing jeung ulah kurang teuing maké seuneu, angin, cai jeung bumi...
Dunia jadi leuwih éndah ku kamotékaran manusa ngabebenah lemah cai.
Mangpaat tina ngayakeun salametan lembur nyaéta ngagerakeun sakabéh pangagung jeung rahayat sangkan runtut raut sabilulungan migawé hiji tujuan, nembrakeun rasa gotong royong, sepi ing pamrih ramé ing gawé. Dina acara salametan, loba kariaan nu kudu disiapkeun jeung dipigawé babarengan, ti mimiti nata tempat, nyieun kadaharan, alat-alat kariaan, acara hiburan, logistik jeung kaamanan. Kabéh perlu direncanakeun jeung dipigawé bababarengan antara rahayat jeung pamaréntahna. Saréréa kudu milu mikir, ngarasakeun capéna, késangna, laparna, reureuhna, suka-seurina, jeung sugemana mun pagawéan geus jucung. Didieu urang lembur ngalatih sipat gotong-royong, silih rasakeun, méré-maweh jeung silih talingakeun. Kusabab kitu, salametan lembur perlu dilaksanakeun unggal taun pikeun ngalatih kahadéan jeung ngabiasakeun gawé babarengan, sangkan terus nerap jadi karakter urang lembur.
Download Logo Milangkala Desa Gudangkahuripan ka-46
Ku saé ngurus sareng metakeun nu janten Lurah katut punggawana ka Rahayat. Ieu désa éstu janten pamujianana sadaya Pangagung waktos harita, malah seueur Lurah-lurah ti sanes désa anu ngahaja naros ka éta Lurah tina rupi-rupi hal anu perlu dijalankeun di désana, ngumaha supados désa tiasa subur, bérés roés.
kieu geura, ari hartina Lurah teh Luluguna Rahayat anu aya di désa, ari hartina Rahayat nya-éta jalma anu aya di désa tur nyumponan kana ngaran karahayatannana.
Di désa aya kokolot, ari hartina kokolot téh nya-éta jalma nu geus dipikolot ku Rahayat tina hal ngurus kaperluan cageurna désa katut eusina ….Nyieun (aya) Lebé nu jadi pamanggulna tina hal urusan Agama di désa, pagawéan Lebé teh wajib ditiru nu hadéna ku Rahayat nu rék ngahirupkeun kamanusaannana.
Mun patepung urang jaga, sugan paamprok papanggih, Nu Raos urang dongéngkeun, pituduh di ka Wujudkeun….
Rasa batur jeung urang sing pada “Raos”n-na.
Sakitu ti desa gudangkahuripan anu diluluguan ku pangersana Bpk. Agus Karyana, ST